“KIHENDRA NYERAH KANU TAQDIRNA”
dinten ieu,
dinu kaping anu sami,
pernahna
30 tahun anu parantos
kalangkung.
akang ngejat tipayuneun salira,
inggis kubisi-rempan kusugan,
ayana akang dipilemburan,
tiasa ngaruntagkeun panggung katresna
hidep sareng anjeunna.
keur anjeun,
soksanaos teutiasa kapimilik,
akang ridho ditalikung kukapeurih,
cukleuk leuweung-cukleuk lamping,
jauh kasintung kalapa,
sumujud dinu pangersana Panggeran,
bari teuweleh ngeukeuweuk poto salira
anu nganhiji-hijina.
keur anjeun,
soksanaos ayeuna tos dipacok ku
batur,
akang ikhlas ngaraoskeun kumaha
beuratna hirup di pangumbaraan,
cukleuk leuweung-cukleuk lamping,
jauh kasintung kalapa,
sumerah dina qodarna anu maha kawasa,
bari teuweleh ngusapan poto salira
anu nganhiji-hijina.
pait peuheurna alam pangumbaraan,
lalaunan tiasa ngicalkeun kalangkang
raray salira,
sabab kalintang dosana akang,
saupami keukeuh peuteukeuh nyawang
salira,
anu parantos di halalkeun ku Gusti
kangge carogena.
dihandapeun langit anu nuju
ngabudalkeun cai hujan,
diantara awak anu rancutcut tur
kabulusan,
akang lumampah mapay-mapay jalan anu
pinuh ku cileuncang,
bari nyarios kalayan pasrah;
Geulis…
wilujeng nyorang rasa kabagja,
bageur…
tidanget ieu dugi ka akang pinanggih
sareng adzalna,
deudeuh akang,
cinta akang,
duriat akang kasalira,
bakal dipalidkeun salalamnina….
Tidak ada komentar:
Posting Komentar