Laman

Sabtu, 08 September 2012

KALANGKANG URANG DUAAN”


Asa cik keneh,
Anjeun nyarita bari reumbay ku cimata.

Nyangsaya naluhureun dada,
Bari nganaha-naha,
Kunaon kuring bet tega,
Ningalkeun rasa deudeuh salira.

emh...
Asa cik keneh,

Anjeun nyegruk na ieu rangkulan.
Nagkeup pageuh embung lesot,
Nepikeun ka dada akang jibrug ku cai soca salira.

Geulis,
Jungjunan buah hate kadeudeuh akang,

Hampura akangteh bageur....
Sok sanaos akang teu tega ningalkeun salira,
Nanging dalah kedah dikumaha,
Da geuning parantos kieu kedahna.

Salakuning hirup nu janten anak,
Hidep moal bisa mulang tarima ka indung bapa,
Iwal ti tumut kanu naon-naon anu janten kapalayna...

Urang pegatkeun ieu rasa duriat,
Urang teukteukkan ieu rasa kadeudeuh,
Sangkan ridho indung bapa salira,
Ngulem ridho tinu maha kawasa kanggo salira.

Sanes akang ngaruntuhkeun kasatiaan,
Sanes akang mutuskeun tali kasajatian,
Nanging hidep kedah sumujud,
Tumut kanu janten kapalay sepuh salira...

Pileuleuyan geulis,
Sapu nyere pegat simpay,
Paturay hamo patepang deui,

Geura tampi calon caroge salira,
Anu sapantar sareng kahirupan kulawarga salira.
Da akangmah gaduh rumasa,
Hirup ripuh – ragap taya,
Tong bujeng ngarawat salira,
Dalah ngarawat diri nyalira oge dugi kasakieu sesahna.

Asa cik keneh,
Anjeun nangtung bari gugupay,
Ngaleupaskeun akang anu ngagagandong rangsel kuleuheu,
Seja lumampah ningalkeun kalangkang urang duaan...

Emh...
Asa cik keneh,
Akang ngusap ieu cimata,
Bari lumampah ningalkeun pilemburan,
Anu ngaguratkeun carita deudeuh akang jeung anjeun.

Ayeuna,
Di handapeun bulan anu teu bengras cahayana,
Di luhureun kuburan salira,
Akang reumbay ku cimata,
bari ngucapkeun kalimah pasrah.....
“Innalillahi wainnaillahi rojiun...”

Geura kulem masing tibra geulis,
Salila akang hirup di alam dunya,
Akang moal ningali deui kalangkang salira....

Tidak ada komentar: