Laman

Sabtu, 08 September 2012

“NGABEBERAH DIRI SORANGAN”


Ceuk baturmah kuringteh bodo,
Padahalmah kapan katotoloyo.
Ceuk baturmah kuringteh goreng rupa,
Padahalmah goreng patut pisan.

Ceuk baturmah kuringteh miskin,
Padahalmah kuringteh teu ngabogaan naon-naon.

Sok sanajan diharina,
Tapi boga rasa jeung rumasa,
Sakabeh anu diaromongkeun kumaranehannana,
Nya kitu pisan kaayaannana.

Nasib diri – bagja awak,
Moal bisa di rubah ku ngarasula,
Pasrah jeung tumarima,
Nya eta anu kudu dijadikeun pangbeberahna.

Teu menta hayang jadi jelema bodo,
Teu nyuhunkeun palay ngagaduhan rupi anu goreng patut kieu,
Oge teu kantos ngado’a kanu maha kawasa sangkan janten jalmi miskin.
Da sadaya anu karandapan,
Estuning kapalay Mantenna....

Moal samata-mata Gusti Allah nyiptakeun mahluk,
Saupami henteu disampurnakeun reujeung pijodoeunnana.

Emh...
Nuhun Gusti...
Kadeudeuh Gusti,
Kadeudeuh Rasul Gusti,
Kadeudeuh ema jeung bapa abdi,
Sareng kadeudeuh barudak katut pamajikan abdi,
Ngajanten sagara kanikmatan kanggo abdi,

Rumaos abdimah mahluk anu teu ngagaduhan naon-naon,
Tong bujeng harta atanapi banda,
Dalah nyawa sinareng raga abdi oge kagungan Gusti...

Tidak ada komentar: