Laman

Sabtu, 08 September 2012

“PANINEUNGAN”


Gusti...
Karaos ayeunamah dikantunkeun ku indung sareng bapateh
Teuaya tempat nyalindung upami nuju pundung
Teuaya tempat wakca balaka upami nuju kenging rasa kasesah
Padahalmah kapungkur waktos aranjeuna masih jumeneng
Dinu korsi eta tah ema sok calik bari mapatahan abdi...
Dinu korsi anu eta oge tah bapak sok calik lamun ngelingan abdi...
Emh...
Ayeunamah korsiteh teu hegar sapertos kapungkur...

Padahalmah kapungkur waktos aranjeuna masih keneh jumeneng...
Sok nyarambat lamun abdi nyempetkeun diri wangsul kalembur...
Rarayna marahmay bangun anu ngaraos bagja papendak deui sareng anakna.

Ayeunamah lamun pareng abdi wangsul kalembur...
Teuaya anu nyambat sapertos kitu...
Sepi jempling-rehe combrek...
Nukaraos mung ngolebatna pangalaman waktos katukang..
Waktos anjeuna nyambat tur ngorejat mapagkeun anakna...

Ningali taneuh beureum anu nutupan layon anjeuna...
Asa kabayang deui imut aranjeuna anu ikhlas...
Tetela indung jeung bapateh talagana deudeuh pikeun dialam dunya...

Ningali nami anu aya dinu tutunggul kuburan anjeuna..
asa kadangu deui kumaha ngagalindengna suanten aranjeunannana..
Sok sanaos nyeuseulan ka abdi..
Tapi suanten ikhlas tur ngagiring abdi kanggo caket sareng Gusti

Diluhureun taneuh beureum anu nutupan layon aranjeunannana..
Diluhureun tutunggul kubur anu nyeratkeun nami aranjeunannana..
Widian abdi Gusti cumarios kadiri
Kanggo ngucapkeun...
”Ema....Ieu abdi ema..Anak ema..Anu seueur dosa ka ema...”

Tidak ada komentar: