Laman

Sabtu, 08 September 2012

“PAPATAH ABAH”


Ujang..Nyai...barudak bapa anu karasep jeung gareulis...
Keur ayeunamah bapakteh ngarasa tentrem ningali kahirupan aranjeun..
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun-paantay-antay panangan
Silih asah-silih asih-jeung silih asuh
Runtut raut sauyunan, tara pagiri-giri hilir, langka pagirang-girang tampian..

Ngan boga rasa jeung rumasa bapa ka aranjeunteh...
Inggis kubisi-rempan kusugan..
Engke sabada bapa jeung indung aranjeun tilar ti ieu dunya...
Bapa paur aranjeun jadi teuakur...
Dor-dar parasea parebut warisan..
Hog-hag silih pinkangewa kunganukur barang titipan...

Kacida teuing bapa jeung indung hidep katalangsarana di alam akherat...
Keur kekelebekan di wahangan balitungan anu maha agung...
Sedeng anjeun di alam dunya malah parasea jeung silih pikangewa...

Dinu diri anjeun aya getih bapa jeung indung hidep...
Anu ngalir moal aya urutna..
Anu ngarambah moal aya pegatna...
Sok sanajan dunya jeung akherat papisah...
Tapi tali etamah moal pegat bageur...
Mun anjeun minculak kanu maha kawasa...
Tinangtu bapa jeung indung hidep oge bakal keuna kuakibatna...

Mun dihalalkeunmah bapa jeung indung hidep ngado’a kanu maha kawasa..
Teu perlu aranjeun ngado’akeun bapa jeung indung hidep sangkan salamet tinu balitungan anu maha agung...
Asal anjeun tetep hirup sauyunan salaku adi jeung lanceuk..
Silih asah-silih asih-jeung silih asuh saperti hidep keur laleutik...

Nun Gusti...
Rag-ragkeun kajembaran pinuh kukamuliaan kanu lebet manah anak-anak abdi...
Sapertos anjeun parantos ngaragragkeun kajembaran manah kapara hamba Gusti anu soleh sareng solehah...aamiin...

Tidak ada komentar: