Laman

Minggu, 09 September 2012

“KAULA NYARITA”


Nyawa,
Nu ngeusian raga kaula,

Tingali tuh kolot-kolot andika,
Anu baheula aya terus ayeuna teu aya,

Tingali tuh babaturan andika,
Anu baheula aya terus ayeuna teu aya,

Tingali oge tuh jalma-jalma anu sahandapeun andika,
Geuning bisa miheulaan andika nepungan Panggerannana.

Niti wanci nu mustari,
Nincak mangsa nu sampurna,
Papasten Gusti Yang Widi,
Nyawa ningalkeun ragana,
Raga pinanggih jeung pati
Nya adzal pingaraneunnana.

Sarua.. pasti sarua,
Salakuning mahluk anu di eusian ku nyawa,
Tinangtu moal aya bedana,
Malakal maut pasti pasti datang megatkeun nyawa reujeung ragana,
Kaasup ka anjeun reujeung kaula

Nyawa,
Anu ngeusian raga kaula,
Poma anjeun ulah wani-wani ningalkeun kaula,
Saacan anjuen ngucapkeun dua kalimah,
Anu bisa mukakeun panto kabagjaan anjeun salalawasna....

Kaula anu asal ti alam,
Bakal balik deui ngajadi alam,
Sedeng andika anu kawit ti Gusti,
Mugia tiasa wangsul deui ka payuneun Gusti.
Aamiin.....

Tidak ada komentar: