milik diri-bagja awak,
meureun ieu anu kudu karandapan,
kuringmah ngan ukur bisa sumerah,
sabab taya
daya jeung upaya,
cimata anu jadi saksina,
basa hate jumerit kanu maha kawasa,
tumarima kanu qodar-Na,
kokojayan dinu sagara katunggaraan.
emh,
nyakseni pisan abditeh, Gusti….
teudaya-teu upaya hirup abdi di alam
dunya,
anging ngantosan karidhoannana
Gusti..
soksanaos ati peurih-hate rajet,
abdi percanten kanu kanyaah Gusti,
moal samata-mata Gusti ngalungsurkeun
cai soca,
lamun teudisampurnakeun kulungsurna
rasa kabagja,
hamo samata-mata Gusti ngadongkapkeun
rasa kanyeri,
lamun teudisampurnakeun kudongkapna
rasa kasuka.
kokocoran rasa kanyeri,
kokocoran rasa kabagja,
moal ngaburial tinu tampian hate
abdi,
saupami hamo ngamuara kanu ridhona Pangersa
milik diri-bagja awak,
abdimah mungsaukur mahluk-Na,
sagala nukarandapan,
pamulas hirup bari nungguan adzalna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar