Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NYABANAN


biasanamah,
mun seungit bulan romadhon geus ka angseu,
kuring sok mulang nepungan indung jeung bapa,
menta dihampura
sangkan bisa khusu dinu puasana.

tah didinya,
di palebah panto pager anu eta,
bapa sok nyambat kuparoman raray anu marahmay,
bangun anu ngarasa gumbira bisa ningali deui anakna….

ayeunamah,
basa balikteh suwung teu aya anu nyambat deui,
sabab bapa anu salamina satia nungguan dipalebah panto pager eta,
parantos mulang nepangan panggerannana.

tah didinya,
dinu korsi ukir anu beureum buludruna,
ema sok galecok naroskeun betah jeung henteuna di pangumbaraan,
bangun anu ngarasa sieun kuring hirup sangsara di lembur batur.

ayeunamah,
korsi ukir anu beureum buludrunateh asa teu hegar katingalina,
sabab ema anu sering calik dinu korsi eta,
parantos diangkir linggih deui ku Gusti anu maha suci…

emh,
ema…
ieu hendra ema….
ngadeg di payuneun kuburan ema,
palay tepang sareng ema,
palay ningali deui raray ema,
palay ngadangu deui suanten ema…

bapa…
ieu hendra pa…
ngadeg dipayuneun kuburan bapa…
palay disambat deui ku bapa….

Tidak ada komentar: