basa layung nyumput dinu poekna
peuting,
dipapag ku bulan sapotong anu kurang
bengras cahayana,
nyaangan lengkah
anu lumampah
ningalkeun lembur,
utag-atog bari jeung tidadalagor
sangkan bisa mopohokeun diri manehna.
emh…..
karasa ayeunamah pait peuheurna hirup
dipangumbaraanteh,
cukleuk leuweung-cukleuk lamping,
jauh kasintung kalapa,
lieuk euweuh – lieuk lain,
teuboga batur pikeun pakukumaha.
Gustiiiii….
rumaos abditeh lepat,
niat diri hoyong ngejat tinu dipikacinta,
singhoreng simana horeng,
malah langkung nyeri karaosna.
kapeurih ati basa asih henteu
kapatri,
tunggara rasa basa cinta teu ditarima,
jadi pangjurung pikeun ngumbara,
sangkan teugering salalawasna.
emh,
pileuleuyan geulis,
sapu nyere pegat simpay,
akangmah mungsaukur tiasa ngawiat
do’a
kangge kabagjaan salira salalawasna.
nuuuhun….
Tidak ada komentar:
Posting Komentar