hendra,
pait peuheurna kahirupan anu
keurdirandapan ku anjeun,
nyeri jeung peurihna kanyataan anu
keur tumiba kadiri andika,
estuning lir ibarat
seuseukeut bedog
reujeung batu asahna,
digosok sangkan seukeut hasilna,
digasak sangkan herang rupana.
poma keur hidepmah, Cu…
ulah unggut kalinduan kunganukur
harepan heunteu ngajodo reujeung buktina,
ulah gedag kaanginan kupedah kahayang
teubukti reujeung heueuhna,
urangmah ngansaukur bisa ngado’a
reujeung usaha,
geletuk batuna-gejebur cainamah iwal
ditangtukeun ku kapalay Panggeran urang sadaya.
lamun anjeun meunang kapeurih,
ulah ningali kumaha ragragna cai mata
kanyeri,
tapi tingali kanu aya disagedengeun
eta cimata,
kusabar reujeung tawakal kanu
nyiptakeun urang sadaya…
Tidak ada komentar:
Posting Komentar