na luhureun sajadah beureum,
kuring cumarita kanu maha kawasa,
tumanya dimana
nujadi indung,
nanyakeun dimana nujadi bapa.
pait peuheurna kahirupan,
sabada indung jeung bapa teuaya,
euweuh tempat balik mun diri hayang
mulang ka imah,
taya tempat mulang mun awak hayang
balik ka lembur,
emh,
dimana lahunan tempat abdi nyuuh
kapungkurteh, Gusti…?
iwal ti diluhureun sajadah ieu….
kamana abdi kedah nyuhunkeun
pepeling,
tibapa anu satia kalayan ikhlas,
soksanaos abdi tos sakieu ageungna,
tapi keukeuhwe bapamah sok nganggap
abditeh masih keneh budak leutik,
anu masih keneh kudu diaping jeung
dijaring,
bisi tikosewad kanu jurang
kamaksiatan.
ema,
bapa,
hapunten hendra,
mayunan sasih romadhon anu ieumah,
hendrateh moal wangsul ka lembur,
sabab tos teuaya deui anu
ngabageakeun,
iwal tidibageakeun ku tutunggulna ema
sinareng bapa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar