Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA TUMANYA


hendra,
saha atuh andikateh,
salian ti mahluk
Gusti,
anu dibere haq pikeun kumelendang di alam dunya,
jeung diwajibkeun pikeun amprok reujeung adzalna.

di dunya ieu,
anjeun nyurup kanu rongsokan tulang jeung daging,
tulang anu kagerus ku waktu-daging anu kalindih ku wanci,
nepikeun kamanggihan mangsa,
dimana anjeun kudu kaluar tinu waruga,
waruga kudu ditingalkeun deui ku andika,
nya maot tea pingaraneunnana.

waruga andika anu asalna tinu taneuh,
bakal dipaksa pikeun balik deui ngajadi taneuh,
sedeng andika anu kawit ti Gusti,
bakal diangkir deui linggih kapayuneun Gusti…

tah ayeuna kaula rek tumanya ka andika, hendra….
geus boga naon andika pikeun nyanghareupan waktu eta ?

Tidak ada komentar: