Laman

Selasa, 01 Juli 2014

"KIHENDRA NYANGHUNJAR LAMBAR"



geulis,
jungjunan buah hate kadeudeuh akang,
yap kadieu bageur,
urang jorag
wengi ieumah kukabagjaan…

poma kangge saliramah,
ulah kulem bari nangkeup guguling,
sabab akang diciptakeun ku Panggeranteh,
kapan salah sawiosna kangge dijantenkeun guguling kusalira.

cai asih anu suci,
sawios malipir ngeusi tampian,
margi deudeuh anu meungkeut urang duaan,
maparin jalan kangge lebet kanu sawargana Panggeran.

dangukeun kuhidep,
kumaha peuting cumarita,
basa bulan nyumput disabalikeun mega,
pikeun urang tumarima kanu kaendahannana.

kawajiban akang,
pikeun ngarawat patamanan hidep,
dijaga-diriksa kukokocoran katresna,
sangkan hegar salalawasna.

Tidak ada komentar: