langlayangan anu pegat talina,
kumalayang teuing rek dimana turuna,
lir ibarat
hiji jalma anu geus pegat tinu
tali kaimanannana,
teuing rek iraha sadar kanu dirina.
padahal,
sakabeh mahluk bakal mulang kanu
bogana,
dipulut lamun geus cunduk kanu
waktuna,
ditarik lamun geus nepi kanu
mangsana.
hendra,
lamun anjeun geus teu ditalian,
ku deudeuh reujeung asihna Panggeran,
rek kumaha anjeun nya mulang,
dinu poe anu geus reueuk katutup
kumangsa sareupna?
tingali tuh tutunggul anu rentul di
pakuburan,
sampurna pikeun nyampurnakeun dirina,
gugupay ka hiji mahluk,
anu aya dina jero raga andika
geura tatan-tatan hendra,
bisi peuting engke geus teu nyiapkeun
tempat keur anjeun,
bisi poe ieu pamungkas dinu leumpang
jeung renghap salira
Tidak ada komentar:
Posting Komentar