Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NANJEURKEUN SUMPAHNA



haritateh mangsana jandari leutik,
pernahna basa kuring lumampah pikeun ngumbara,
ningalkeun
tempat kuburan bali nya diri,
bari ngagembol harepan anu teuing dimana ayana.

beuratmah.. beurat ningalkeun lemburteh,
tapi dalah kudu dikumaha,
da geus mangrupakeun kawajiban pikeun nanjeurkeun sumpah.

sumpah kababaturan,
sumpah kadiri sorangan,
yen lamun kuring gagal meunangkeun manehna,
kuring rek ngejat ti ieu pilemburan.

tuh jati gede anu jadi saksina,
basa peuting ditalikung ku gelebugna angin halodo,
peuting anu pamungkas keur kuring,
pikeun ngajawab sumpah anu pernah dikedalkeun.

ayeuna,

deudeuh anu nyangreud pageuhteh,
kapaksa kudu di ecagkeun deui,
sabab anjeun anu jadi harepan,
geus wakca teu sudi pikeun naliannana.

duriat anu kumalayang neangan tempat,
kapaksa kudu dipulutan deui,
sabab anjeun anu jadi tujuan,
geus wakca teu suka pikeun ngampihannana.

tuh, panyingkiran anu jadi saksina,
basa peuting disimbutan ku hiliwirna angin halodo,
peuting anu pamungkasan keur kuring,
pikeun suka bungah reujeung babaturan,
samemeh kuring ilang tiieu pilemburan,
salalawasna…..

Tidak ada komentar: