Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NGARAGAP DADA



Hendra,
Lamun maot ditandakeun ku eureunna renghap,
Saha atuh
anu sabenerna ngarenghapteh,
Kaula anu jadi waruga andika,
Atawa andika anu ngeusian kaula ?

Hendra,
Lamun maot ditandakeun ku eureuna jajantung,
Saha atuh anu ngeundeurkeun eta jajantungteh,
Kaula anu jadi waruga andika,
Atawa andika anu nyurup dinu jero kaula ?

Hendra,
Lamun maotteh papisahna andika reujeung kaula,
Nya saha atuh anu bakal maotteh,
Kaula anu dicicingan ku andika,
Atawa andika anu nyicingan kaula ?

Keur kaula,
Aya wates bumi jeung langit,
Aya jarak kulon jeung wetan,

Tapi keur andika,
Bumi jeung langit ngajadi hiji,
Kulon-ngetan,Ngaler-ngidul,
Euweuh jarak kusabab andika anu jadi pusatna...

Kukituna,
Geura teangan dinu wates basa beurang ditutupan ku peuting,
Geura talungtik dinu waktu caang nyingraykeun poek,
Sabab kaulamah teubisa nyakseni,
Iwal tianjeun anu bisa nalingakeunnana.

Hendra,
Mangkahade, hendra
Andika ulah ningalkeun kaula,
Saacan andika reujeung kaula,
Pada-pada ngucapkeun dua kalimah suci,
Kalimah anu bisa mukakeun panto taneuh pikeun kaula,
Jeung kalimah anu bisa mukakeun panto langit pikeun andika

Tidak ada komentar: