Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NYUUH



Basa hujan ngarinrincik,
Kuring sideku na luhureun kuburan nujadi bapak,
Hayang
nempo tulisan namina,
Dinten,
kaping,
bulan,
sinareng taun pupusna,
Anu natrat diserat dinu palebah tutunggulna,

Teu karasa,
Cai mata ngalembereh maseuhan pipi,
Tuluy ragrag pacampur jeung cai hujan,
Maseuhan taneuh beureum,
Anu tos ngancurkeun waruga nujadi bapa,

Emh,
Bapa...
Ieu hendra, bapa...
Sideku diluhureun kuburan bapa,
Teu kiat sono ka bapa....

Gusti,
Ampun paralun abditeh, Gusti,
Sanes teu ridho nampi ieu cocobi,
Nanging dalah kedah dikumaha,
Da geuning rasa deudeuh abdi kanu janten bapa,
Masih keneh napel teutiasa dileupaskeun deui,

Biasanamah,
Saupami abdi mulang kalembur,
Pun bapa anu ngajak abdi ka ieu kuburan,
Nepangan kuburan nu jadi indung,

Tapi na ari ayeuna,
geuning ngan abdi sorangan,
anu nyuuh diluhureun kuburan indung,
teras nyuuh kanu kuburan nu jadi bapa,

Gusti,
Ampun paralun abditeh, Gusti,
Sanes teu ridho nampi ieu cocobi,
Nanging dalah kedah dikumaha,
Asa cukleuk leuweung-cukleuk lamping,
Jauh kasintung kalapa,
Teu aya deui burueun saupami wangsul kalembur,
Sapertos teuaya deui anu ngabageakeun abdi ti aranjeuna,

Bapa...
Ieu hendra, bapa...
Sideku diluhureun kuburan bapa,
Teu kiat sono ka bapa....

Tidak ada komentar: