Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NGOYAGKEUN RAGANA



Hendra,
Asa teu nyangka,
Anu diteangan
kukuring salila ieu,
Meakeun waktu, tanaga, reujeung pikiranteh,
Singhoreng aya dinu jero raga diri kuring sorangan.

Leutik,
Ipis,
Jeung hideung,
Tempat kuring lumampah di alam pangumbaraan.

Hiji rohangan,
Anu moal bisa diancikan ku batur,

Hiji tempat,
Anu hamo bisa ditempatan ku deungeun,

Tong boraraah mahluk anu rumahuh,
Dalah malaikat oge,
Tinangtu ancur lamun kumawani,
Maksa asup kanu kaestuan kaula.

Leutik,
Ipis,
Jeung hideung,
Tempat ngoyagkeun hurip kuring sangkan hirup katingalina.

Keur kuring.
Euweuh wates kulon jeung wetan,
Euweuh jarak kaler jeung kidul,
Euweuh lolongkrang langit jeung bumi.

Moal diudag soksanajan jauh,
Moal ditarajean soksanajan luhur,
Hamo diajul soksanajan laer,
Sabab jauh... luhur... jeung laer,
Euweuh jarak pikeun kaula...

Leutik,
Ipis,
Jeung hideung,
Tempat kaula wakca balaka kanu ngagaduhan ieu alam sareng sadaya eusina.

Hendra...
Dina tapak andika,
Dinu oyagna waruga andika,
Saestuna hiji bukti,
Yen kaula nganyaliara dinu awak andika..

Tidak ada komentar: