Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA HE HE



Sstt...
Tong nyarioskeun deui perkawis eta Geulis,
Bilih mukakeun
deui panto jaman kapengker,

Masih kagambar,
Waktos salira gogodeg,
Basa ditaros ku akang,
Naha salira kersa nampi ieu duriat?

Emh,
Masih karaos peurihna ieu hate,
Waktos ngaos serat waleran tisalira,
Anu nampik rasa kaasih diri.

Sstt...
Tong nyarioskeun deui perkawis anu eta nya Bageur,
Bilih mukakeun deui jandela mangsa anu parantos kalangkung.

Langkung sae urang silih do’akeun wae ayeunamah nya,
Pamugi akang masing tiasa janten caroge anu satia ka istrina,
Tur janten tauladan kangge anak-anakna.

Sareng mugia salira masing janten istri sajati kangge caroge salira,
Tur janten tauladan kangge putra-putrina..

Aamiin....

Bral.... rasa....
Geura ampih ayeunamah,
Saperti ampihna raga kajero bumi,
Anu moal hudang deui salalamina

Tidak ada komentar: