Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NGALIWAT JURIG



Mun teusalahmah haritateh malem juma’ah kliwon, pernahna
basa kuring di titah kunu jadi bapa neang cai ka sawah paniis. Soksanajan ngarasa hoream jeung sieun oge, dalah ngawulaan panitah anu jadi bapa, akhirna kuring lumampah, turun ti imah muru kahiji tempat, dijajapkeun kusora ragegna anjing jalu anu parebut bikang.

Disatengahing perjalanan kuring ngarandeg sakeudeung, soalna kira-kira saratus meter kahareup, kuring bakal ngaliwatan hiji tangkal buah anu sanget, ceuk bejamah cenah eta tangkal buahteh loba jurigan. Dalamun aya jalan salain ti jalan anu ieu, tinangtu kuringteh moal ngaliwat kapalebah dieu. Ceuk kuring bari jajampean sabisa-bisa, tuluy leumpang nuju kapalebah tangkal anu sanget eta.

Na ari barang ngaliwat kapalebah eta tangkal, ujug-ujug lol weh aya sirah anu kaluar tinu jero eta tangkal. Atuh kuring ngarandeg bari jeung ngadegdeg kusabab sieun, bari pokteh ceuk kuring kajelema anu euweuh awakan eta, “ulah nyingsieunan atuh bapak, da abdi kumawantun ngalangkung katempat ieuteh kulantaran ajrih kanu parentah anu janten bapa” ceuk kuring ngawani-wani maneh.

Ngadenge kuring ngomong kitu eta jurigteh ngajawab bari seuri, “iih, lain rek nyingsieunan kuringmah jang hendra, nembongan soteh rek talatah ka hidep” ceuk manehna bari mureleng ka kuring. “bade talatah naon bapa?” tanya kuring ngarasa kagok asong. “engke lamun hidep ngaliwat kapalebah batu anu lempar itu, kade tong nganganggu rahayat kaula nya” ceuk manehna bari nyerengeh seuri. “naha nganganggu kumaha kitu?” tanya kuring sakali deui. “nya sing rencepwe leumpangna, ulah kawas tadi... tuh barudak kuring mani paburisat kitu ningali hidep” ceuk eta jurig bari ngiles, dituturkeun ku sora anjing anu babaung tikajauhan.

Meunang sakedapanmah kuring ngahuleng ngaraga meneng, ambek nyedek tanaga midek ka eta jurig, “emh, singhoreng benerwe geuning rupa kuringteh goreng patut. Panteswe kuringteh nganukur ditolak-jeung ditolak ku awewe, da geuning tong bororaah jelema, dalah jurig oge sieuneun kurupa kuringteh.. he he” ceuk kuring bari neruskeun perjalanan.

Tidak ada komentar: