Sttt...
Ulah nyarioskeun
perkawis eta, geulis,
Bilih mukakeun
deui panto pangalaman urang kapungkur,
Pangalaman anu kantos
ngaguratkeun carita urang duaan,
Dinu deudeuh
sareng bagjana,
Dina hanjakal
sareng cai socana.
Sttt...
Ulah nyebatkeun
tempat eta, bageur,
Bilih mukakeun
deui jandela potret urang duaan,
Potret anu
ngagambarkeun kumaha suka bungahna urang waktu harita,
Potret anu
ngalalakonkeun kumaha peurihna hate urang waktos kedah papisah.
Sok sanaos teu
dicarioskeun,
Sok sanajan teu
disebatkeun,
Perkawis sareng
tempat eta,
Moal tiasa ilang
tinu ieu emutan,
Boh
kabagjaannana,
Beh
katunggaraannana,
Langkung sae
hayu urang silih du’akeun,
Mugia urang
masing tiasa papendak sareng kabagjaan,
Kacintaan
sinareng kasalametan,
Dinu amparan
deudeuhanu maha kawasa....
Sawios,
Tunggul kapeurih
tilas peso kanyataan,
Salamina
ngagurat dinu kalangkang urang duaan,
Ridho kalayan iklhlas
waktos salira ningalkeun akang,
Sapertos ridho
sareng iklhlasna cai mata akang anu
ragrag waktos harita.
Emh,
Moal dituluykeun
ah...
Bisi teuaya anu
ngaosna...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar