Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA MUKA TARUMPAH



Nyawa,
Anu ngeusian awak kaula,
Jeung anjeun
kaula ngalalana di alam marcapada ieu,
Mawa gembolan anu teu pinuh-pinuh,
Sok sanajan putak-petik kanu sagalaning rupa kahuripan,
Tapi kadang-kala ragrag deui kulantaran hirup milampah maksiat...

Sing eling anjeunteh, Nyawa...
Tuh lawang saketeng lembur tempat urang hirup salalawasna,
Geus katempo jeung kaambeu kumaha bauna,
Nya teu era anjeun,
Lamun engke diangkir linggih kunu maha suci,
Sedeng awak anjeun bobolokot ku dosa saperti kieu ?

Emh,
Nyawa anu ngeusian awak kaula,
Poma anjeun ulah ningalkeun kaula,
Saacan anjeun ngucapkeun jeung ngayakinkeun,
Bari keyeng ngalaksanakeun,
Dua kalimah anu taya tandingannana,
Konci kasalametan dunya,
Jeung konci kasalametan akheratna...

Tidak ada komentar: