Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA GOGODEG



Hendra,
Masing sabar Cu !!!
Da salakuning
hirup anu jadi manusa,
Urangmah moal bisa kendat tinu mangrupa-rupa gogoda reujeung cocoba.

Moal aya suka seuri anu teudisampurnakeun kuceurikna,
Hamo aya kapeurih anu teudisampurnakeun ku bungahna,
Kapeurih reujeung kasuka,
Iwal tiditangtukeun kuhiji rohangan leutik anu aya dinu jero hate urang,
Sempit ceuk eta rohangan,
Nya sempit karasa ku ieu alam dunya,

Pon kitu deui sabalikna,
Luas ceuk eta rohangan,
Pinasti luas ceuk alam dunya reujeung sajabeh eusina,

Ngan urang sok mopohokeun,
Naon jeung dimana eta rohangan kahirupan urangteh.

dinu jero eta rohangan,
aya alat anu bisa ngahijikeun mangsa baheula-ayeuna-reujeung pageto,
nya dinu jero eta rohangan oge,
aya tempat anu bisa dipake ngahijikeun anjeun reujeung diri anjeun,

ngan hanjakal.....

anjeun leuwih loba ningali kaendahan dunya,
nepikeun ka poho kumaha endahna jangjang reungit jeung pamatukna gagak,

anjeun leuwih loba mikirkeun dunya,
nepikeun ka poho mikirkeun taraje reujeung gembolannana,

emh.....
geura hudang hendra,
bisi jangjang reungit leuwih beurat jeung tibatan amal kahadean anjeun.

Geura sadar Cu,
Bisi pamatuk gagak leuwih seukeut jeung tibatan pakarang anjeun,

Amprokeun jarak bumi jeung langit ku taraje kahirupan,
Bari nyanggakeun eusi gembolan kanu bakal ngangkir deui urang dinu waktuna.

Ngan hanjakal, Cu
Kalobaan jalma jaman kiwari,
Tara nalungtik kanu eusi rohangan kahirupannana,
Nepikeun ka teunyahoeun.
Naon...
Jeung dimana ayana,
Eta rohangan kahirupanteh...

Tidak ada komentar: