Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA MACEUH



Rai..., bojo akang anu bageur.
Hampura akangteh nya ?

Sok sanajan
urang geus mangtaun-taun paduduaan,
Tapi akang masih keneh resep ngaheureuyan diri salira,
Nganggap salira masih keneh jadi kabogoh akang,
Anu kedah dijaga sareng diriksa,
Dipulasara sangkan jadi milik akang salalawasna.

Saliramah,
Moal diabur kawas nubatur,
Moal diantep kawas nulain,
Saliramah rek ditalian,
Sangkan jadi pamajikan akang salalawasna.

Ngan akangteh rumaos, geulis
Ngagaduhan panyawat anu sok nyangsarakeun diri salira,
Eta geuning...
Lamun salira calik di gigireun akang,
Ieu panangan sok teu kiat pakay ngopepang,
Teu puas lamun teuacan nyiwit heula pipi salira,

Tidak ada komentar: