Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NGARAGRAGKEUN CIMATANA



Gusti,
Leres pisan geuning,
Ditinggal
maot ku indung sinareng bapateh lir ibarat pegat pangharepan,
Cukleuk leuweung-cukleuk lamping,
Taya burueun deui saupami wangsul ka lembur.

Kapungkurmah,
Tah didinya,
Di panto pager anu tinu awi eta,
Bapak sok ngadeg ngabageankeun kuring,
Gumbira pedah ningali anakna datang nepungan deui,

Emh,
Ayeunamah panto pager awiteh tos digentos ku beusi,
Jiga anu ngahaja hayang ngabejaan ka kuring,
Yen bapateh tos teutiasa ngadeg deui ditempat eta,

Tah didinya,
Dinu korsi beureum eta,
Ema sok calik bari mapatahan kuring,
Jiga anu keur mapatahan budak leutik anu teunyaho kanu naon-naon,

Emh,
Ayeunamah,
Korsi beureumteh katingali kuleuheu pisan,
Alum sabab tara dicalikan deui kuanjeuna,
Jiga anu hayang ngabejaan kakuring,
Yen tos teuaya deui kecap barokah tinu jadi indung.

Keur kuring,
Anakna,
Anu hayang amprok deui reujeung maranehna....

Tidak ada komentar: