Hendra,
Lamun anjeun
hayang nyaho saha kaula,
Atawa
lamun
anjeun hayang nyaho rupa kaula,
Pek geura
ngeunteung, Cu .... !!!
Sabab anjeun
jeung kaulateh sabenernamah sarupa,
Ngan beda bentuk
jeung beda wujudna hungkul....
Beda timana
asalna jeung beda kamana balikna.
Tah kusabab
kitu,
Anjeunmah kade
tong mopohokeun nya Cu !!!
Kumaha warnana
taneuh reujeung caina,
Kumaha rasana
angin reujeung seuneuna,
Sabab taneuh,
cai, angin jeung seuneu,
Nya andika
bungkeuleukannana.
Kaulamah aya
dinu teuayana,
Teuaya dinu
ayana,
Disebut aya
kusabab aya andika,
Disebut teuaya
kusabab teuaya andika,
Padahal aya
jeung teuayana andika,
Kaula pasti dinu
ayana....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar