Laman

Selasa, 01 Juli 2014

UBUN-UBUN KIHENDRA



Hendra,
Dimana andika cicing samemeh ditiupkeun ka jero diri kaula?

Dibere
tugas naon andika salila nyicingan waruga kaula?

Jeung rek kamana andika lupampah,
Lamun kaula geus teubisa diancikan deui kudiri andika ?

Tumanya soteh kaulamah lain teu ridho dieusian ku andika,
Da kaula oge sarua moal aya dikieuna lamun teu dieusian ku andika.

Tuh tingali,
Layon babaturan andika !!!
Anu ngajelepeng dibungkus ku boeh bodas warnana,
Kapan kamarimah ngajawab lamun manehna ditanya,
Lapar lamun teu dahar,
Halabhab lamun teu nginum.

Na ari geus ngajepepeng kitumah geuning,
Ditanya jeung digulang-gaper oge,
Manehnateh bet ngabetem wae,
Teu hudang sumawona cumarita,

Tah engke oge,
Haq andika pikeun ngeusian kaula,
Bakal dicabut deui kunu kagungan kaula reujeung andika,

Euweuh liang keur andika pikeun asup deui kajero diri kaula,
Sabab sir taneuh....
Sir seuneu....
Sir angin...
Jeung sir cai...
Anu aya didiri kaula,
Lantis sabada haq andika pikeun ngeusian diri kaula,
Wangsul deui kapayuneun Panggeran urang sadaya....

Tidak ada komentar: