Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NGAMPARKEUN SAMAK



Hendra,
Geura ampih, cu
Geura
sapuan kalakay kamaksiatan anu pabalatak dinu jero hate andika.
Sangkan beresih tinu sifat-sifat anu teudipikaridho ku Mantenna.

Kade poho, cu
Elap tah sing beresih anu warnana hideung eta,
Bisi cahayana pareum kupangaruh dunya,
Atawa reueuk teubisa nyaangan jalan pilampaheun andika.

Oge tong poho,
Hiji rohangan anu sempit, leutik, jeung ipis
Ulah nepikeun kadidatangan ku lebu katakaburan,
Kokotor kamaksiatan,
Sumawona diasupan ku sifat sirik pidik-jail aniaya kasasama,
Atawa ditatamuan ku kasombongan jeung katakaburan,

Emh...
Cilaka anjeun cilaka,
Lamun sifat-sifat eta geus ngeusian rohangan eta...

Hendra,
Geura ampih, cu
Geura babadan tuh jukut aral jeung subaha anu minuhan pakarangan iman andika,
Ngarah kembang pasrah jeung tawakal,
Bisa igar tur nyambuang nyegitan hirup andika...

Tidak ada komentar: