Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NINGALI LANGIT



Mun pareng jalan-jalan ka Jati Gede,
Manggih walungan anu saat caina,
Pernahna
disisi lapangan,
Anu sok diparake maen bal ku barudak urang dinya.

Tuh diditu,
Diluhureun batu anu rada ceper itu,
Cai mata kuring pernah ragrag maseuhan keusik,
Anu garing maklum geus lila tara kasimbeuh ku cai wahangan.

Gunung nu ngajurungkunung,
Neuteup seukeut kuring anu keur dirundung kurasa kabingung,
Bongan hate ngabogaan rasa,
Ka hiji wanoja anu lain tandingannana rasa kacinta kuring.

Emh,
Ieu meureun anu disilokakeun ku urang sunda baheula,
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir,
Jog jog neureuy buah loa,
Hirup teu ngukur ka kujur,
Ngalengkah teu nalipak kana awak diri sorangan.

Tapi sok sanajan kitu,
Basa ningali manehna datang jeung kabogohna,
Kuring kapaksa imut kamaranehannana,
Bari nyumputkeun kapeurih hate anu teu kuat kukaayaan eta.

*****
Mun pareng jalan-jalan ka Jati Gede,
Manggihan walungan anu saat caina,
Disagigireun lapangan bola,
Anu sok diparake kumpul ku barudak ngora urang dinya.

Tuh diditu,
Dihandapeun tangkal anu itu,
Kuring nyarande bari mepende hate anu keur simpe,
Bongan kahayang teu amprok reujeung kanyataannana.

Boga rasa jeung rumasa,
Hayang masrahkeun ieu dada,
Sangkan dipake nyangsaya ku salira,

Teu bisa nyumputkeun rasa,
Hayang mikeun ieu rangkulan,
Pikeun nyumputkeun salira salila-lilana.

Tapi dalah kedah dikumaha,
Da kapalay Gusti kedah kitu kanyataannana,
Kuring nganukur bisa meres rasa kanyeri,
Disabalikeun manehna anu nuju mupu rasa kabungah.
Silih simbeuh kurasa kadeudeuh reujeung beubeureuh hatena.

******
Kiwari,
Basa kuring ngadenge tempat eta geus rek di keueum ku cai,
Nyorangan datang deui katempat eta,
Calik diluhureun batu anu ceper eta,
Neuteup kapalebah salira waktos harita ngadeg,
Sok sanaos mung saukur kalangkang,
Asa jelas salira imut,
Teras gugupay bari nyarios,

A Hendra,
Ayeunamah walunganteh tos ngagolontor caina,
Mangga geura palidkeun rasa kadeudeuh salira kanggo abdi,
Supados rasa A Hendra babblas teu emut deui ka abdi,
Sabab abdi diciptakeun sanes keur salira,
Sareng salira diciptakeun sanes kanggo nyarengan abdi.

Hapunten abditeh A Hendra,
Da tikapungkur oge saleresnamah,
Abditeh teu resep ka salira...

Tidak ada komentar: