Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA MACA TAPAKNA



Basa kuring keur anteng nungguan mangsa,
Di hiji alam anu hegar ku cahaya kamulyaan,
Kuring disauran
ku Panggeran,
Kenging pancen kangge lebet ka alam rahim hiji jalmi,
Anu mulya tur wijaksana.

Meunang sakedapanmah kuring ngahuleng ngaraga meneng,
Ningal calon si jabang bayi anu keur ngaringkuk,
Ngalempreh teu usik malik,
Teu ngarenghap somawona ngagerakeun awakna.

Sabot kuring keur anteng neuteup eta calon si jabang bayi,
Bray....
Aya panto anu muka tinu palebah awak eta si jabang bayi,
Kalayan ridho sareng pangersana Panggeran,
Kuring nyulusup asup kajero dirina.

Teu lila tisabada kuring nyurup,
Eta pantoteh nutup deui kalayan rapet kacida,
Beledug........
Kadenge sora jajantungna mimiti dag dig dug,,,
Belesat.....
Getihna paburisat maseuhan kasakabeh bagean awakna

Gustiiiiiii !!!!!
Hirup ayeunamah ieu calon orokteh,
Sumujud kapayuneun Gusti,
Anu maha welas tur maha asih...

Buktos ayeunamah kakawasaan Gustiteh,

Padahal,
Lamun abdi disurupkeun ka hiji gunung,
Eta gunung bakal ancur ngajadi bubur,
Lamun abdi disurupkeun ka hiji sagara,
Eta sagarateh bakal saat moal aya caian,
Tapi geuning ieu rahim ibu abdi,
Sok sanaos ipis kalayan alit,
Sanggem nampi diri abdi...

Emh...
Sumujud abdi sareng ieu waruga ka Gusti...

******
Basa kuring keur sare tibra,
Di hiji alam anu poek mongkleng-buta rata,
Tapi beunghar ku limpahan rasa kadeudeuh,
Kuring diparentah deui ku Panggeran,
Sangkan lungsur ka alam dunya.

Emh...
Dinu diri kuring geus aya catetan,
Iraha kuring lahir,
Sabaraha lila kuring ngumbara,
Jodo...
Pati...
Kasedih reujeung kabungah,
Nepikeun ka jumlah rezeki pikeun kuring ngumbara,
Geus kumplit ngapit kuring salila nyicingan ieu waruga

Gusti..... !!!!!!
Alam naon ieuteh Gusti ????
Geuning matak pikasieuneun kieu...

Kapungkur abdi parantos sumpah di payuneun Gusti,
Yen Pangersateh Panggeran anu wajib di sembah ku abdi,
Tapi geuning di ieu alam,
Seueur mahluk anu tiasa ngagoda abdi,
Sangkan ngijing sila bengkok sembah ka Gusti....

Boa-boa,
Pancen salila abdi ngumbara di ieu alam,
Pikeun ngumpulkeun sagala kahadean,
Ngabuktikeun yen abditeh mahluk Gusti anu paling sampurna,
Bakal dikepung tisakabeh tempat,
Sangkan abdi mempar tinu amanah anu bakal dipenta deui hasilna

Duh...
Upami tiasamah,
Wangsulkeun deui abditeh Gusti....
Sieun ku ieu alam,
Sieun kabebenjokeun dugi ka hilap wangsul ka Gusti...

Tidak ada komentar: