Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NGAMUK



To badak-top maung,
Top tah sakabeh kahirupan kaula,
Jeung tibatan
kudu ngijing sila bengkok sembah tinu maha kawasa,
Ngagadekeun kayakinan anu bisa nepungkeun kaula reujeung Panggerannana,
Leuwih hade kaula perlaya ngajadi babatang,
Ancur lebur sok sanajan diri ngajadi lebu,

Moal mundur sasiku,
Hamo ngejat satunjang beas,
Sumawona lumpat tinu ieu pakalangan,
Euweuh kamus pikeun sieun,
Euweuh kitab pikeun reuwas,
Kaula keukeuh dinu hiji kayakinan,
Moal unggut kalinduan,
Hamo gedag kaanginan,
Sumawona kumeok memeh di pacok,

Geus lila kaula hayang ningali getih kaula nyaklak,
Maseuhan taneuh anu jadi tempat kaula ngumbara,
Lamun kaula kudu perlaya dinu ujung pakarang andika,
Kaula moal menta tilar dunya diluhureun lahunan pamajikan kaula

Hayu ah urang nyumput !!!!

Tidak ada komentar: