Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NINGALI BULAN



Rai,
bulan anu katembong wengi ieu ku akang,
masih
keneh bulan anu kapungkur kantos nyaangan urang duaan,

waktos akang amitan ka salira,
waktos salira reumbay ku cai soca bari nyarios;
“kang hendra... Rai bakal dongkap ka tempat ieu,
saupami Rai teukiat palay pendak sareng salira…”

ayeuna,
akang ngahaja dongkap ka ieu tempat,
tempat anu kantos misahkeun urang duaan,
kangge salalamina...

Rai,
bulan anu nyaangan akang ayeuna,
masih keneh bulan aku kapungkur kantos nyaangan urang duaan,
bulan anu teu ngawartosan ka akang,
yen Rai bakal mulih kapayuneun Gusti,
kangge salalamina....

Tidak ada komentar: