Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NAPAK LARATAN



Sok sanajan geus lima tahun leuwih lilana,
Bapak ningalkeun abdi sadaya,
Nanging rasa kapeurih,
Kanyeri
sareng kawaas,
Masih keneh ngagurat dinu ieu hate,

Waktos bapa ngusapan ieu mastaka,
Nepukan taktak bari cumarita,
“hendra... lamun engke hidep pinanggih reujeung kabagja,
Bapamah moal menta pamulang tarima ti hidep,
Ngan poma lamun engke bapa geus euweuh ti ieu alam,
hidep ulah poho ngiriman du”a keur bapa”....

********

Sok sanajan geus ampir tilu tahun lilana,
ema nuturkeun bapa nepangan Panggeran urang sadaya,
nanging rasa kawaas,
kapeurih sareng kanyeri,
masih keneh ngagurat dinu ieu rasa,

waktos abdi nyuuh kanu lahunan ema,
ema ngusapan mastaka abdi,
ngusapan taktak bari cumarita,
“hendra... lamun engke hidep geus jadi jelema,
Emamah moal menta pamulang tarima ti hidep,
Ngan omat lamun engke ema geus dipapagkeun ku bapa,
Hidep ulah poho ngirim du’a keur ema jeung bapa”....

*********

Emh...

Tah didinya,
Dinu korsi ukir anu parantos kuleuheu eta,
Abdi nyuuh kanu lahunan ema waktos harita,
Dinu rasa katenang,
Dina lautan rasa kateuneung,
Sabab dampal panangan ema anu ngalirkeun kokocoran ridhona Gusti,
Ngusapan mastaka abdi kurasa deudeuh sareng nyaahna...

Tah didinya,
Dinu luhureun korsi kai anu geus semplak sukuna,
Abdi calik gigireun bapak,
Dinu rasa katenang,
Dina sagara kaludeung,
Sabab dampal panangan bapa anu ngalirkeun kokocoran ridhona Gusti,
Nepukan taktak abdi kurasa deudeuh sareng nyaahna...

Cukleuk leuweung-cukleuk lamping,
Jauh ka sintung kalapa,
Lieuk euweuh-lieuk lain,
Saparantos dikantun ku indung jeung bapak....

Ema.....
Ieu hendra, emaaaaa....
Anak ema.....
Anu doraka ka ema....

Bapa...
Ieu hendra, bapa...
Putra bapa...
Anu lomokot ku dosa....

*******
Emh.....
Didinya tah....
Di handapeun lampu tengah anu eta,
Layon bapa diboehanteh,

Nya didinyakeneh oge,
Layon ema disholatkeun sateuacan dikuburkeun,
********

Ayeuna,
Basa hendra ningal deui lampu tengah eta,
Lampu anu jadi saksi layon ema jeung bapa,
Basa tos dibungkus ku boeh bodas,
Anu nutupkeun ieu soca,
Kangge salamina,
Tinu kaendahan raray ema sinareng bapa......

Tidak ada komentar: