Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA SADAR



Rai,
tah congkak ieu,
anu janten
saksi urang waktos bolon,
waktos akang kapaksa kedah nyarengan salira,
maen congkak dugi ka salira suka seuri kusabab akang elehan wae...

da rumaos atuh akangteh, Ayi...
teu tiasa maen congkak sapertos salira...
kersa soteh nyarengan salira maen congkak...
dumeh dipiwarang ku ibu rama salira...

ayeuna,
congkak etateh kapendak deui,
sok sanaos parantos kuleuheu sareng resak kurinyuh,
nanging kalangkang salira tetep salalawasna dijaga sareng diriksa,
dinu hate akang,
anu duka kunaon sareng duka iraha ngawitannana,
neundeun hate kadiri salira...

ngan hanjakal,
geuning akangteh teu terang,
dimana anjeun ayeuna ayana,
sapertos anjeun anu teuterang,
rasa akang anu lugay mikaresep diri salira....

Tidak ada komentar: