Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA NYUMPUT



Kasep,
Anak bapak,
Omat
tong dibejakeun ka indung hidepmah nya !
Cukup hidep jeung bapak hungkul anu nyaho,
Yen bapakteh deudeuh pisan ka indung hidep...

Nyai,
Anak bapak anu geulis,
Omat tong dibejakeun ka indung hidepmah nya !
Cukup hidep jeung bapak hungkul anu nyaho,
Yen bapakteh sieun pisan ditingalkeun ku indung hidep...

Keur bapakmah,
Meunang hese,
Ngungudag indung maranehteh...
Diudag lumpat-diantepkeun cicing,
Teu diudag sieun dicokot kubatur,
Diantepkeun da rumasa bapakteh hayang

Baheulamah indung maranehteh geulis kawanti-wanti,
Rusak soteh nya sabada dikawin ku bapakwe meureun,
Tapi kapan katingali kumaraneh,
Kumaha satiana indung maraneh ka bapak,
Soksanajan bapak rupa nganukur sakieu,
Hirup ripuh-banda teuboga,
Tapi geuning indung maranehmah seuriwe,
Ngarasa bagja boga salaki kawas bapak,

Tah kukituna,
Kasep..
Geulis...
Soksanajan bapak tisuksruk-tidungdung,
Sirah ngajadi suku-suku ngajadi sirah ceuk paribasana,
Pikeun neangan rezeki keur maraneh,
Tapi bapak moal ridho,
Aranjeun miheulakeun bapak jeung tibatan indung maraneh,

Lamun aranjeun deudeuh ka bapak,
heulakeun deudeuh maraneh pikeun indung maraneh,
sabab salian ti maraneh,
nya indung maraneh,
hatena bapak dialam dunya ieuteh...

kasep,
geulis,
omat tong dibejakeun ka indung maranehmah nya !
cukup urang tiluan anu nyaho,
yen bapakteh sabenernamah,
hayang mikeun ieu dada,
pikeun disarandean kumanehna...

Tidak ada komentar: