sora anjing nu babaung ti kajauhan,
maturan peuting anu poek mongkleng-buta rata,
emh…
asa simpe,
asa jempling,
asa tiiseun pisan kaayaan peutingteh.
meunang sakedapanmah kuring ngahuleng-ngaraga meneng,
neuteup kapalebah jandela anu masih kene muka kaca
nakona,
aeh…aeh….
kapan ieuteh poe kemis hiji kaliwon,
ngandung harti yen malem ieuteh malem juma’ah dua
legi,
anu ceuk bejamah…
aah…
boa-boa ieuteh tandana
eta geuning sora anjing mani manting saperti kitu,
cai hujan oge mani ngerecek saperti kitu,
sok komo eta sada anginmah,
mani ngagelebug nyingraykeun hordeng kamar,
lampu gantung oge mani nepikeun ka ayun-ayunan saperti
kitu,
emh…
bener jigana ieumah tandana….
he..he..
manusamah kapan leuwih mulya jeung tibatan mahluk-Na
anu lain…
Tidak ada komentar:
Posting Komentar