Laman

Selasa, 01 Juli 2014

KIHENDRA LUMAYUNG



hendra,
tingali tuh layung anu hibar di beulah kulon !!!
antara
warna koneng jeung beureum ngajadi hiji,
mere tanda yen beurang moal lila deui bakal lekasan,

asa cik keneh, Cu…
eyang ningali hidep mapay-mapay galengan sawah,
nyoren ketepel jeung ngajingjing sumplit,
nyalingker disabalikeun tangkal kihujan,
ngintip tikukur anu moal lila deui bakal jadi eusi peujit beuteung hidep…

Emh…
boa-boa, hendra…
jarum sumplit andika anu nanceb dinu dada eta tikukurteh,
geus ngaragragkeun cai mata anak jeung pamajikannana eta tikukur,

asa cik keneh,
eyang ningal hidep turun ka lebak,
nyolendangkeun sarung jeung nyunyuhun Qur’an
paamprok jeung hiji mojang anu geulis tur manis,
tuluy leumpang babarengan nuju ka masigit…

emh….
boa-boa, hendra…
jalan tatapakan anu ku hidep diliwatan,
teu ridho’eun ku hidep diidekan,
sabab hidep geus leumpang paduduan jeung hiji istri anu bakal jadi pamajikan batur…

hendra,
tingali tuh layung anu hibar di beulah kulon,
disela-sela caangna beurang jeung poekna peuting,
mere tanda yen beurang moal lila deui bakal lekasan…

rek kamana hidepteh, Cu…
lamun poek geus meundeutkeun cahaya dunya ?
tikukur geus embungeun di sarada,
atawa panto masigit geus nutup kusabab amanah geus amprok reujeung waktuna…

waktu anu jadi saksi hidep di ciptakeun,
waktu anu ngajadi saksi waktu hidep nyurup kanu waruga hidep,
waktu anu jadi saksi salila hidep babarengan reujeung waruga hidep,
waktu anu ngajadi saksi papisahna hidep reujeung waruga hidep,
saperti cahaya layung anu koneng pacampur jeung beureum,
saperti cahaya anu aya disela-sela caangna beurang jeung poekna peuting,
anu ditugeng ku tihang-tihang,
kaler-kidul-kulon-wetan,
tempat hidep engke naek ka langit,
pikeun diangkir linggih ku Gusti Anu Maha Welas Tur Maha Asih….

Tidak ada komentar: