hendra,
tong diteruskeun, Cu !!!
bisi nyeri
hate kadituna,
saha anjeun-saha manehna,
hirup anjeun-hirup manehna,
estuning beda kacida.
piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir,
moal oyag da lain tandingannana,
jogjog neureuy buah loa,
moal kateleg da lain sandingannana.
imut manehna anu kareueut,
teuteup manehna anu ngiuhan dunya,
lain keur anjeun, Cu
sabab hidepmah teu pantes pikeun narimana.
buukna anu panjang ngarumbay,
pipina anu kempot,
lain keur anjeun, Cu
sabab leungeun hidepmah teu pantes pikeun
ngusapannana.
imahna anu aggreng,
hirupna anu amalayah ku dunya,
teu pantes pikeun diasupan ku anjeun, Cu
anu hirup ripuh-ragap taya,
digedekeun ku pait reujeung peuheurna kahirupan ieu.
hendra,
tong diteruskeun, Cu
bisi nalangsa kadituna.
tingali dampal leungeun hidep anu kasar karadak,
hamo sabanding reujeung lemesna dampal leungeun
manehna,
tingali warna kulit hidep anu hideung kuleuheu,
moal sarimbag reujeung kulit manehna anu bodas
beresih.
ulah kabengbat ku kedal ucapna anu mikacinta ka hidep,
Cu !
tapi dengekeun ucap kedal hate indung reujeung bapana,
kumaha lamun anak kameumeutna,
jadi kabogoh hiji lalaki anu teu sapantar reujeung
kahirupannana.
salian ti nawaetu rek satia,
boga naon atuh anjeunteh, Cu ?
iwal ti hirup anu balangsak,
jeung tapak lacak anu sangsara.
salian ti ngaburialna rasa cinta,
boga naon deui atuh anjeunteh, Cu ?
iwal ti sora panyeungseuri ti batur,
ayeunamah,
bral geura miang ti ieu lembur, Cu
geura jauhan eta awewe,
karunya bisi jadi milik hidep.
samemeh dampal leungeun hidep bisa ngusapan buukna,
buktikeun heula yen dampal leungeun hidep eta bisa
mere kabagjaan pikeun manehna,
samemeh dampal leungeun hidep bisa ngusapan cai
matana,
buktikeun heula yen dampal leungeun hidep eta bisa
ngusapan cai mata hidep sorangan
Gustiiii……
sabada abdi ngaraos wantun nyapantaran kahirupan
kulawargi anjeuna,
wangsul bari nyandak niat kangge ngalamar anjeuna,
emh,
singhoreng-simana horeng,
geuning Gusti Allah langkung deudeuh ka diri anjeun,
ngaruntagkeun waruga pikeun sideku,
dipayuneun kuburan salira,
pileuleuayn Ayi,
sapunyere pegat simpay,
paturay urang hamo patepang deui…
Tidak ada komentar:
Posting Komentar