aki,
pangapunten,
sanes
incu teu tumut ka aki,
ieumah
bilih janten balitungan sareng Panggeran urang sadaya,
kapaksa
keris anu janten pawaris ti aki,
ku
incu dipiteskeun kangge kasalametan dunya-akheratna aki.
eyang,
hampura
incuteh eyang,
sanes
teusatia kanu piwuruk ti eyang,
ieumah
inggis kubisi-rempan kusugan incu tebih tinu deudeuhna Gusti,
ieu
kujangteh kapaksa diancurkeun ku incu,
supados
lempeng jalan eyang nuju kapayuneun Panggeran urang sadaya.
Hatur
nuhun kanu kadeudeuh aki ka incu,
Nanging
incu langkung deudeuh ka aki,
Dipayuneun
anu maha kawasamah,
Anging
iman sareng kahadean,
Anu
janten elmu utama kangge urang sadaya...
Tos
bosen incuteh nuangan pais dedemit,
Murak
kunti, ngamomoyan buta,
Incumah
palay katuangan anu raos aki...
Cageur-bageur-bener-singer-jeung
pinter,
Tah
eta katuangan anu dipikapalay ku incuteh...
Kangge
naon incu tiasa ngaratakeun gunung,
Tapi
ieu soca teutiasa muka saupami ngadangu adzan subuh,
Kangge
naon incu tiasa lumpat dinu luhureun sagara,
Tapi
teutiasa ngejat tinu awuhan doraka kanu maha kawasa...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar